Postingan

Menampilkan postingan dari 2018
BOBOGOHAN BUDAK SD Umurna karek 8 Taun jeung Sakolana karek Kelas Dua SD... Tapi di Sakolana Adun kaitung Murid nu Pinter jeung Cerdas.. ditambah ku boga kereut bengeut nu lumayan kasep.. nya Adun pada mikaresep ku babaturana kaasup ku babaturan Awewena. .. Uneng nu sakelas jeung Adun ge sarua mikaresep ka Adun... Uneng nu boga rupa geulis najan leutik keneh oge.. ceuk batur mah ngala ka Ceu Esih nyaeta Indungna Uneng geulisna teh.. Hubungan Adun jeung Uneng kacida layeutna.. sabab salian ti saumur sakelas oge Imahna Adun jeung Uneng teh tatanggaan...Indit jeung balik sakola sok babarengan terus balik ti Sakola ge sok ulin bareng.. saperti Kabiasaan Barudak leutik.. mun aya babaturan nu dekeut teh sok di papadekeun jeung diparoyokan we.. "Adun Love Uneng".. Adun jeung Uneng ngan ukur seuri mun aya nu moyokan kitu teh.. kawantu da Adun ge sabenerna hatena mah bungah dipoyokan jadi Kabogohna Uneng teh.. Nepi ka hiji waktu Adun nyarita ka Uneng.. Adun : Uneng.. terang teu