BOBOGOHAN BUDAK SD
Umurna karek 8 Taun jeung Sakolana karek Kelas Dua SD... Tapi di Sakolana Adun kaitung Murid nu Pinter jeung Cerdas.. ditambah ku boga kereut bengeut nu lumayan kasep.. nya Adun pada mikaresep ku babaturana kaasup ku
babaturan Awewena. ..
Uneng nu sakelas jeung Adun ge sarua mikaresep ka Adun... Uneng nu boga rupa geulis najan leutik keneh oge.. ceuk batur mah ngala ka Ceu Esih nyaeta Indungna Uneng geulisna teh..
Hubungan Adun jeung Uneng kacida layeutna.. sabab salian ti saumur sakelas oge Imahna Adun jeung Uneng teh tatanggaan...Indit jeung balik sakola sok babarengan terus balik ti Sakola ge sok ulin bareng.. saperti Kabiasaan Barudak leutik.. mun aya babaturan nu dekeut teh sok di papadekeun jeung diparoyokan we.. "Adun Love Uneng".. Adun jeung Uneng ngan ukur seuri mun aya nu moyokan kitu teh.. kawantu da Adun ge sabenerna hatena mah bungah dipoyokan jadi Kabogohna Uneng teh..
Nepi ka hiji waktu Adun nyarita ka Uneng..
Adun : Uneng.. terang teu Sabenerna mah Adun teh reseup ka Uneng.. ngan Hanjakal Urang teh Alit keneh.. engke we nya mun Urang tos dewasa mah Urang nikah nya Neng!?
Uneng : (bari sura seuri cumentil).. Dun.. sanes Uneng teu resep sareng nolak ka Adun.. tapi kabiasaan di kulawarga Uneng mah Nikah teh kedah sareng Dulur wungkul.. tuh tingal we Si Papah nikah jeung Si Mamah.. Si Aki nikah sareng Si Nini.. Si Bibi nikahna sareng Si Mamang.. Uwa pamegeut ge nikahna ka Uwa istri.. Ari Adun sareng Uneng mah pan sanes Dulur.. janten teu tiasa atuh Urang Nikah..
Adun : Wah geuning enya nya.. Urang mah lain Dulur.. kumaha atuh nya..!?
Tisaprak Uneng ngomong kitu ka Adun.. Adun jadi hoream sakola malah teu sakola menang 4 minggu gara gara frustrasi sabab teu bisa kawin jeung Uneng da lain dulur cenah ceuk Uneng..
dasar kid's jaman now..

Komentar