CURHATAN TATANGGA
Tos sabulan kalakuan pamajian tatangga
Kuring robah drastis, ayeuna mah jadi sering
teteleponan jeung batur bari haharewosan,
lamun ditanya keur ditelepon ku saha teh sok
langsung we dipareman, pajar teh ti babaturan
kantor atawa nu salah sambung jeung anehna
ahir ahir ieu sok mindeng balik peuting alesana
ngalembur da di Kantorna loba pisan orderan.
Ngaran pesbukna ge diganti jeung hpna sok di
babawa wae kamamana ge ayeuna mah,malah
mun indit ka wc ge sok dibawa.nya ku sabab curiga
Tatangga kuring nelpon ka boss na,justru boss na
Nerangkeun perusahaan teh keur hese order malah
eweuh pisan karyawan nu dititah ngalembur.
Pas Pamajikan tatangga kuring ngomong rek meeting
jeung partner bisnis perusahaana dina poe minggu,
Ahirna tatangga kuring Panasaran rek nuturkeun,nepi
ka nginjeum motor,jeket jeung helm meh pamajikana teu
apaleun jeung teu curigaeun pas keur dituturkeun.
Pas mobil Pamajikana parkir di hiji mall,tatangga kuring
mareuman motor sieun kanyahoan da sora knalpot motorna
gandeng jiga sora piring seng.
Teu lila katempo aya lalaki ngajak ngobrol ka pamajikana,
terus Pamajikana numpak kana mobil lalaki tadi,
Atuh tatangga kuring beuki curiga pisan,pas mobil nu ditumpakan
ku Pamajikana rek maju,tatangga kuring buru buru ngahirupan
mesin motor,maksudna rek nuturkeun bisi tinggaleun tapak.
Tapi naon nu kajadian,motor tatangga kuring teu daek hirup hirup
geus di stater teu hirup,dicobaan di selah oge teu daek hirup wae,
Cing ceuk baraya,eta kira kira masalahna tina naon nya?
Apa tina Aki,Busi,Karburator atawa tina Bensin beak?
Nepi ka motor tatangga kuring teu daekeun hirup...
cing pangnulungankeun,karunya rek nuturkeun pamajikana.

Komentar