jurig hulu sieun dicukur
MISTERI JURIG HULU
Fenomena Alam Ghaib,memang nyata ayana
sabab Alloh SWT nyiptakeun Jin jeung Manusa.
Manusa nu Fisikna kasar jeung Kasat mata,oge
Jin nu disebut Abstrak atawa Mahluk Halus.
Di Tatar Sunda sering kadongengkeun carita Jin
atawa Jurig nu nyiliwuri ngagoda ka Manusa.
Kitu deui nu keur ka alaman di Lemburna Neng Rara
di Ciamis daerah Kalipucang (palih wetanen Kalifornia)
Ceuk beja nu teu bisa dipercaya di Lemburna Neng Rara
teh keur Gujrud loba jelema nu nempo bungkeleukana
Jurig Hulu atawa Jurig nu Huluna wungkul,malah ceuk
beja mah Sosok eta Jurig Hulu teh matak pikasieeuneun
matak Soak mun Kaparengan Nempo mah,Wujudna Hulu Manusa Hibeur kakalayangan,Panon bolotot bereum,Huntu Ranggeteng jeung Buukna nu ngarewig Panjang Bodas ku Huis.
Ceuk beja deui wae,jigana eta Jurig teh Hulu Aki Aki nu paehna di peuncit terus marakayangan neangan Awakna..
Kabeh pangeusi Lembur eweuh nu wanieun ngulampreng Ulin ti peuting, mangsa datang wanci magrib ge,kabeh arasup ka imah masing masing ngaringkeub eweuh nu wanieun kaluar deui ti imah,ka asup Neng Rara...iwal ti Ronda nu kapaksa Jaga di Pos Ronda.
Beuki dieu eta Jurig Hulu teh beuki sering bungkeleukan membongkeun Wujudna nyingsieunan Nu keur Ngaronda.
Atuh Beja Jurig Hulu teh beuki santer,tiap jalma di daerah eta pasti nu diomongkeun teh pernah nempo Jurig Hulu.
Ayeuna mah nu ngaronda ge geus teu daraekeun,kajeun teuing cenah rek aya bangsat ge daripada nempo Jurig Hulu mah...
Ahirna Pa RT ngusulkeun ka Masyarakat,kumaha cenah urang ngondang wae Dukun Sakti atawa Jalma Pinter nu bisa nyingkahkeun Jurig Hulu..
Kabeh Warga satuju,papatungan duit keur nyewa Dukun Sakti sangkan Jurig Hulu bisa Incah ti eta Lembur..
Isukna Pa RT geus manggil Dukun Sakti ti Pangandaran,sebut we ngarana Ki Ardasim di cegat tilang ditanya Sim kalahkah unggut unggutan(kalah nyanyi)
Pa RT : Kieu Ki,dilembur teh unggal peuting diganggu ku Jurig Hulu,kabeh warga sarieunen,Cing da Aki mah Sakti Mandraguna,pangusirkeun eta Jurig Hulu supaya teu ngaganggu wae ka Warga.
Ki Ardasim : Nu kitu mah serahkeun ka dewek,rek Jurig nanaon ge sieunen jeung Eleh ku dewek mah,kamari ieu ge dewek geus ngelehkeun Jurig Noong jeung Jurig Pesbuk,teu sapira Jurig Hulu mah.
Pa RT : Muhun percanteun ka Aki mah da eta seeur Batu Alina,sabaraha Biayana Ki?
Ki Ardasim : Hahaha.. Gampang eta mah Transfer we ka Rekening dewek 5 juta,engke nomer rekening dewek dikirimken kana WA.
Pa RT : Muhun siap atuh Ki,engke di transfer wae.
Ki Ardasim : Sok dimana cenah eta Jurig Hulu remeun nembongana.?
Pa RT : Ari seringna mah di Pos Ronda Ki.
Ki Ardasim : Nya geus engke Peuting urang usir,urang caricing we di Pos Ronda,sadiakeun we Sasajena Kopi pait Udud Jarcok Dua Pak,Hulu Sapi,Hulu Munding,Hulu Domba jeung Hulu Hayam.
Pa RT : Aduh Ki naha meni loba pisan Hulu? ari Hulu Taeun mah Moal Ki?
Ki Ardasim : Loba teuing ngomong siah,turutkeun we sarat ti dewek,da ari Hulu Taeun mah pasti pada mawa,pan nu rek diusirna ge Jurig Hulu.
Peutingna Ki Ardasim dibarengan ku Pa RT jeung Warga nu wanian geus sarila di Pos Ronda,lain rek garapleh tapi nungguan Jurig Hulu nembongan terus diusir ku Ki Ardasim.
Sasajen ge geus sadia,ngalayah dina Tampir sarupaning Huhuluan da saratna kitu cenah mun rek ngusir Jurig Hulu mah kudu ku Hulu deui...
Hawa karasa Tiis jeung geeuman,hawar hawar sora Anjing babaung nambah ketir peuting harita,Seeoorr Angin ujug ujug ngagelebug... Kabeh nu aya nu di Pos Ronda tingpurungkut sieunen.. teu lila ujug ujug Jleug we Jurig Hulu nembongan,bener we mata bereum bolotot bari Beheung pinuh ku Geutih jeung Buuk Bodas ngareuwigg..
Kontan kabeh nu aya di dinya ngarenjag Reuwas jeung Sieun nempo wujud asli Jurig Hulu...
Sarerea mengpeunan panon,teu kuat nempo Jurig Hulu,kaasup Ki Ardasim nu keur Gegerenyeuman Mapatkeun Do'a rek dahar "Alohuma baraklana fima rojaktana wakina adzabannar" teu mental.. eta Jurig Hulu ngadon ngomong
"Hahaha Sia rek nipu ka aing make do'a rek dahar,puguh aing nu rek dahar sia,aing anak buah Sumanto deleu..
Teu loba omong deui.. Bereteuk Ki Ardasim kabur ti heula.. di susul ku Pa RT jeung Warga nu milu..
Ki Ardasim gagal rek ngusir Jurig Huluna, kalah manehna nu kabur Sieun Ku Jurig Hulu,atuh Pa RT bingung kudu ka saha deui minangsaraya pikeun ngusir Jurig Hulu.
Isukna Pa RT panggih jeung Neng Rara
Pa RT : Neng manawi terang Dukun Sakti atawa Paranormal nu bisa ngusir Jurig,da Neng Rara mah Gaul,pasti seeur kenalan nu tiasa dipuntungan tulung.
Neng Ras : Uhun atuh Pa,engke Rara nyobi milari infona.
Terus Neng Rara nyandak Hp,teras nga Inbok ka Mamah Ronia..
Rara : Mah,ukeun info jalmi pinter nu tiasa ngusir Jurig.. plizz maahh..
Mamah : Wah Neng Rara,saur beja ti Warga DONGSUN mah kang Teddy tiasaeun,ke atuh urang Kontek nya.!!?
Rara : Becanda Mamah mah..
Mamah : Ih nyaan Neng Rara,pan Kang Teddy mah tilas Jeger Cicaheum.. Reman Neng,teu sieun ku sasaha komo ku Jurig mah,sareng seeur Akalna.
Rara : Nya Uhun atuh mah,Kang Teddy piwarang ka Lembur Rara we,alamatna mah pilarian we na Google..
Gancang Carita Kang Teddy nyanggupan rek ngusir Jurig Hulu,saratna kabeh tong marilu cukup Kang Teddy sorangan cicing di Pos Ronda..
Nyaan we peutingna Kang Teddy geus diuk sorangan di Pos Ronda,teu mawa Sasajen jiga Ki Ardasim, cukup mawa Kantong Leutik nu teuing naon Eusina.
Kira kira jam 1 peuting basa Kang Teddy geus nundutan di Pos Ronda.. ujug ujug Angin ngagelebug dibarung ku Bau Hanyir geutih.. Bleuuggg Jurig Hulu geus nampeu Hareupen Kang Teddy..
Jurig Hulu : Hahaha rek naon sia Teddy aya di dieu.. sia wani ka Aing.. sia rek ngusir Aing..
Kang Teddy : (bari reuwas da keur nundutan) Aing teu Sieun ka maneh jeung Aing moal rek ngusir maneh..
Jurig Hulu : Na rek naon atuh sia kumawani Cucing di dieu jeung teu sieun ku Aing Teddy!! (apaleun ngaran kang teddy,maklum jurig Sakti)
Kang Teddy : Tempo ieu nu dina kantong Aing,aya kaca sisir jeung Gunting, aing dititah ku Pa RT nyukuran buuk maneh..
Jurig Hulu : (reuwasen sieun di cukur) Anjiirr aing mah embung dicukur ku sia Teddy sok garagal,daripada di cukur ku maneh mah mending Aing kabur ti lembur ieu.. (bari terus hibeur jeung ngalengit)
Kang Teddy : Alhamdulillah elmu ti Si Ryan Matih pisan..

Komentar
Posting Komentar