dongeng sunda ngakak di sangka salingkuh

DISANGKA IKLAN
#copas ti kang Teddy
Istrina Kang Teddy sebat we namina Ceu
Fifit (cie cie iklan beng beng) Saurang Ibu Rumah Tangga nu Satia sareng Nyaah pisan Ka Carogena,Anjeuna satia pisan ngantosan Kang Teddy uih ti Kantor,Kang Teddy teh ayeuna nuju sibuk pisan janten Direktur di Kantorna malah sok rajeun ngalembur maklum seeur pisan pesenan Keong Racun ti importir Perancis.
Hiji Dinten Ceu Fifit hoyong pangmasakeun Tuangeun nu Istimewa kanggo Kang Teddy,teras Ceu Fifit nyandak Henpun lajeung nelepon ka Kang Teddy naroskeun hoyong di pangmasakeun naon...(karesepna mah goreng hayam nu nganggo jeket alias fried chiken cokorna)
Ceu Fifit : Euhh gening pulsana beak,paingan tut tuttan wae.
lajeung Ceu Fifit miwarang ka Putrana Ryan nu nmbe 7 taun kanggo nelepon ka Ramana.
Ceu Fifit : Yan.. pangneleponkeun Si Papih nganggo Hp iyan,Papih hoyong pangmasakeun naon kitu engke pami Uih,pulsa Mamih seep padahal nembe kamari dilebetan pulsa 2 jutaeun,duka Hp Mamih wadah Pulsana bocor duka salah meser pulsa listrik,asa Boros pisan engke mah Ka Si Papih sina Meser Hp nu Matic we meh Irit Pulsana.
Ryan : Mangga atuh Mih..bari terus nelpon.. (nembe teh tos ditelepon tilu kali tapi diangkatna sanes
ku papih tapi diangkatna kalah ku istri mih)
Ceu Fifit : Nya tos Iyan mah Jajan we jung meser Es krim Woles Bro.. (bari mere duit sajuta keur jajan) Tos Jajan Es krim enggal uih deui nya,engke Mamih Ukeun.
Sorena Kang Teddy uih ti Kantor,barang sup we Kang Teddy ka lebet bumi
teu basa basi deui,Kang Teddy langsung di gebugan ku Ceu Fifit make sapu nyere
Kang Teddy Gogorowokan Ampun ampunan Heran jeung Nyerieun ge teu di padulikeun ku Ceu Fifit..Lajeung Bakat ku Nafsu sareng jiga nu Kasurupan,eta Ceu Fifit teras Mesat Bedog... Ciaaatttt...
 Bakat ku Rongkah Pasea bari Tarik Gogowokan,Tatanggana rabul daratang,malah Pa RT ge aya rek misah nu keur Pasea...
Pa RT : Bu emut Bu,..Istigfar Bu.. karunya Kang Teddy,ke ke asa heran.. na aya naon ieu teh Kang Teddy??
Kang Teddy : Duka teuing atuh Pa RT,abdi uih ge langsung digebugan Ku Sapu,malah mah itu tos mesat Bedog Pa.
Ceu Fifit : Ieu Pa RT,Salaki abi geus kapanggih Salingkuh kena kena geus
jadi Direktur Ayeuna mah.. sok ngaku Kang saha Awewe nu tadi teh?
Kang Teddy : Awewe timana atuh Mih,sumpah Akang mah teu
Salingkuh,daek leuwih Beunghar jeung boga Helikopter Akang mah mun Salingkuh deui!!?
Ceu Fifit : Aaah dasar Lalaki Buaya Air Asin,Bisa wae ngomong mah bisa direka da Letah mah teu Tulangan,tuh Saksina Si Ryan tadi di telepon 3 kali ge teu diangkat malah diangkatna Ku Awewe Salingkuhan Akang!!
Kang Teddy : Yann bener tadi nelepon Kana Hp Papih terus di angkatna Ku Awewe? sok caritakeun meh ngarti.
Ryan : Eee Muhun Pih..
Ceu Fifit : Taah Gening bener Siahh (bari ngacungkeun bedog)
Kang Teddy : Kela sabar atuh.. Yan.. Leutik keneh Ulah Sok Bohong Yan,Cing nyarios kumaha Awewe nu tadi dina Hp Papih teh?
Ryan : Nyarios kieu Pih.. "Maaf nomor yang Anda tuju sedang Tidak Aktif atau Berada diluar Jangkauan,cobalah beberapa saat lagi" Kitu saur Istri nu na Hp Papih teh..Meni Halimpu Sorana ge Pih,teu jiga Sora Mamih..
Pa RT jeung tatanggana ngarusap bengeut terus ngomong" SERIUS NI YEEE MACANA..!!!

Komentar