sunda inggris
I DON'T KNOW
Sok sanaos di DONGSUN ngaranggo Basa Sunda,tapi geuningan Anggahotana Seeur Urang Luar Negeri,eta Cirining Basa Sunda teh geus Mendunia
Alias Universal,matak Baraya tong Era ngomong make Basa Sunda teh..!!
Urang balik deui kana Anggahota DONGSUN nu mayoritas ti Luar Negeri kayaning nu ti Nagara Jiran Sapertos Singapura (Singaparna) oge nu ti Jawa Timur sapertos MALANG.. bong..
ditambih Ku Mamah Ronia ti Water Sayong,Ibu Sri Linawati ti Like Home (sukabumi atuh) Kang Heri Kang Dadang ti Water Anjur,Kang Teddy nu bumina cakeut Fruit Stone, Teh Chamela Rara ti Sweet Water, Kang Dani ti Water Bamboo,aya nu ti Bird Birdan(pamanukan euy) nu ti Water Snake,nu ti Water Enought (cimahi atuh) sareng nu sanesna nu teu acan kasebat,mangga tiasa ngalebetan dina kolom komentar,seratkeun nami,alamat,cita cita sareng hobi.
Tambi kesulna urang diajar Basa Inggris wae nya!!
Guru Bahasa inggris nu nuju ngajar di Kelas 4,Kaleresan Salah Saurang Muridna nu Namina Kardun Malaweung wae teu Merhatoskeun Pelajaran Basa Inggris nu nuju di terangkeun ku Pa Guru,da Kardun saalit ge teu ngartoseun Basa Inggris.
Pa Guru : Cobi Kardun ayeuna ka payun
Kardun : (rugah rigeuh da malaweung) Eeu Mangga Pa. (bari terus Kahareup kelas)
Pa Guru : Cobi engke hartoskeun Ucapan Bapa
Kardun : Mangga Pa.
Ps Guru : I DON'T KNOW, hartosna naon?
Kardun : Teu Terang Pa..
Pa Guru : Upami I DON'T UNDERSTAND naon hartosna?
Kardun : Punten Pa Guru.. I DON'T KNOW wae abi terang
komo I DON'T UNDERSTAND mah abi Teu Ngartos
Pa Guru : Ari eta gening Leres?
Kardun : Puguh Leres Teu Terang Pa.

Komentar
Posting Komentar